Sejarah Gankster Brother

Gankster Brother....
Barudak lalaki anu resep musik jeung bisa maenkeun alat musik, di panggihkeun di lembur nyaeta di Ciwidey.

Si Leo (Bassis) babaturan si Sani (vockalis) waktu keur sakola smp di SMPN 1 Ciwdey (2000). kabeneran salembur jadi mun rek indit ka sakola teh sok bareng, eta oge mun ka wenehan, nya ari teu kawenehan mah masing masing we, kadang panggih kadang henteu di sakola oge. teuing kumaha mimitina eta si Leo jeung si Sani teh jadi balad, gilimring kaditu kadieuteh paduduaan we geus ampir cigah omring . .

Gambar jelema gering si Leo jeung si Sani



Ku karesep nu sarua nyaeta resep ngadengekeun Musik, kreteg hate nu duaan etateh jol hayang band band nan. singkat carita boga gerupband weh kituh lah, behtereh jeung teu panjang teuing caritana, soalna urang geus cangkeul nulis (2001). Si Sani sibudak jangkung mokalan, sanajan sorana teu ka asup alus, tapi nya lumayan we kituh tambah sebel mah, si Leo nyekel Bass, bari kakarek diajar konci oge, si Jejen jeung si Cecep nyekel gitar, di draman weh ku si Dusenk.
Tah... waktu ka waktu tului maju, pangalaman lewih loba, pangabisa lewih nambahan, prestasi ge nya lumayan, eta band teh ngadon pakum da kusabab si Jejen kawin (2008). Nya kitu tea we, pabeulit jeung kaayaan, tapi si Leo jeung si Sani masih hayang band band nan.

Tah ayeuna mimiti ngaran Gankster Brother aya. Si Herry (Guitaris) nyaeta kapi lanceuk na si Leo, jeung da memang baheula oge kungsi sa Band (Family Values). kaluar ti grup Band na, tapi si Herry masih hayang Band band nan. nya kitu we lah carita namah, si Herry teh di ajak ku si Leo band band nan, ngan bingung barudakteh kusabab euweuh dramer, da piraku si Sani rek bari ngadraman, becuseun oge hanteu. tah.... kaditu kadieu, ka hilir ka girang neangan dramer sugan aya nu palid, da gening teumanggihan wae!



eehhh..... gilimbring teh si Dicky ulin ka panongkrongan (Mascot sport. jln Pajagalan lama, Ciwidey) bari mawa motor Vespa bodas bari gandeng sora kenalpot nateh 'turun tina motor' bari cocorongohan!!! tring tring tring..... jol sa pikiran si Leo, si Sani, si Herry....



Tah.... kitu carita singkat sajarah Gankster Brother teh!!! ( Maaf tidak menggunakan bahasa Indonesia )




___Rekonstruksi Tubuh dan Disillusionize Jiwa___
ku termenung di perempatan jalan

dibawah kerlap-kerlip merah, kuning, hijau.

berhenti, interjeksi dan pergi.


berhentilah berbuat bodoh, interjeksi ahlaq dan budi pekerti

dan pergi kealam abadi ....

terimakasih.... Wass 

add facebook <<<

Tidak ada komentar:

Posting Komentar